Minggu, 28 September 2014

PENGALAMAN DENGAN KEBUDAYAAN



PENGALAMAN DENGAN KEBUDAYAAN
Assalaamu’alaikum warahmatullaahi wabarakaatuh
Wasta  Encep Suhendar, abdi dibabarkeun di Sukabumi. Indung sareng Bapak abdi asli Sunda, kitu deui abdi sukuna, suku sunda.
Ti alit abdi hirup di kampung abdi, di kampung abdi
masih seueur kabudayaanana. Ti  adat istiadatna, cara tanina sareng seueur keneh nu sanesna.
Wanci abdi alit, kolot abdi  nyakolakeun abdi di SDN Lembursawah 01. Diditu abdi diajar maca, ngitung, nulis, seni sareng nu sanesna. Pas abdi kelas genep sd
,, guru abdi ngajakan abdi sareng rerencangan nu sanesna kanggo latihan gamelan (karawitan sunda). Lantaran sekolah abdi bade pentas karya seni drama, musik, dan tari (sendratari) di Bandung. Wanci harita ngan sabaraha jalmi anu dipilih dipilih kanggo ngiring latihan.
Unggal dinten abdi sarerea latihan supados penampilan sarerea sae. Abdi kabagean maenkeun saron sareng angklung. Abdi sadayana ngapalkrun sabaraha hiji lagu kanggo ditampilkeun.
Salian ti diajar alat musik abdi oge diajarkeun pupuh. Pupuh teh nyaeta lagu sunda anu ngabogaan aturan. Pupuh kabagi kana 17 jenis. Sapeti pupuh sinom, pupuh kinanti, pupuh balakbak, pupuh asmarandana sareng nusanesna.rerencangan abdi anu istri diajarkeun kanggo nari tradisional, ti awal pisan.
Abdi sadaya latihan kirang leuwih sebulan setengah. Pas abdi sadaya bade tampil, abdi mangkat ti Sukabumi siang sareng abdi tampil wengi saentos isya. Abdi sadaya muka pentas ku maen angklung, terus sendratari. Drama eta teh nyarioskeun hiji budak istri kelas genep Sd anu parantos dijodohkeun ku indungna. Abdi sadaya tampil kurang leuwih 4 jam. Parantos kitu, abdi berkeliling ngurilingan tempat di sakuriling tempat pentas kami, diditu seueur pisan wayang golek. Abdi ningagalian ngan sakedap. saparantos kitu, abdi wangsul wengi pisan.
Sababaraha bulan saparantos eta abdi tetep latihan kanggo samen. Lantaran di tempat abdi lamun samen (kenaikan kelas) sok aya upacara adat ataa anu biasa disebat longser. Dina upacara adat eta aya nu kabagean maen gamelan, nari sunda, nyanyi sareng nu sanesna.
Saparantos abdi lulus ti SD guru abdi ngawasiatkeun supados abdi teu kenggeng mopohokeun warisan budaya ti karuhun. Ngan eta sakedik pengalaman abdi tentang kebudayaan. Hatur nuhun.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar